Pesen Ka Nu Tiluan :
· Aya maksud nu nyulusup dina ati, nepikeun naon nu jadi harti, ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus
dijeujeuhkeun ngariksa, sakabeh titinggal nu jadi sesa, kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya, pasti aya maksudna, geura ngaca kana hikmahna, ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak, euweuh harti pabalatak, lain maksud ka alam calutak, tapi sing geura wani nindak.
· Nu niliktik nulungan jalma leutik, loba nyanghareup manusa loba banda, bari kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa, jadi pamuntangan jelema loba, teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba, ngadegkeun akidah titah Nu Kawasa, geura maca geura walaya.
· Budak gede beuteung badag, sakabeh karusakan di udag, ulah nepi korban loba murag. Leumpang di jalan pinuh ku batu, ngasruk alas teu make baju, milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa, dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hate teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa, lawan murka.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar