Maung - Pajajaran
Salah sahiji nyaritakeun zaman harita, aya 3 macan nu dijadikeun ciri. Macan bodas, ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen, atawa wirid. Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan, akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..
Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan, ngatur hate jalma, ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan, ngoprek hate jalma, miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak, jeung sajabana… Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…
Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras, saperti silat pamacan, sinuwun tilu jeung sajabana, nempo ti kajauhan, ngoet ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak… Teu make menyan, sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…
Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Sabab eta mah jang ibadah ka Gusti Allah. Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Kusabab lain menta bantuan jin, jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan… Teu bisa diteangan, ke oge datang… Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona… Akidahna… Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun… Wallahu’alam…
Tidak ada komentar:
Posting Komentar