Sabtu, 28 Mei 2011

SILIWANGI & KI SANTANG : Tempat Nu Diteangan

Tempat Nu Diteangan.



Aya hiji tempat nu salila ieu diteangan, katelahna dayeuh Nagari Pajajaran. Loba dicaturkeun tapi can kungsi kawenohan. Nu ngahandeuleum ku halimunan. Lain dongeng komo lamunan, eta tempat bisa ka sakabeh nulungan, kusabab geus sadia nu jadi warisan, lain siluman, tapi titipan.


Lain teu bisa kalakonan, mun teger nga ikhtiaran, tapi kudu make aturan, ngarah bisa nepi kanu ngawitan. Lain hak batur ieu warisan. Dongeng cenah ceuk sabagian, bari teu bisa ngabuktian, bari ngadodoho jeung nungguan. Kuring nyaho eta dimana, kuring nyaho nu bisa muka saha, kuring nyaho jalmana nu mana,


Hiji budak turunan jalma biasa, teu boga elmu teu boga kawasa, ngan enggeus katulis garisna, muka turub warisan Baduga. Ayeuna geus tumiba mangsana, eta budak ngorehan sesa, sesa nu bisa nulungan jalma loba, sesa nu salila ieu teu disangka aya. Toong mun bisa… Sa urang dibantuan ku dua, geus muka..


Geus ngamimitian ngorehan, kajeun loba nu nonggongan, ngumpulkeun kalakay nu maruragan, bari ngajagi tutunggul ngarah teu katohian. Bral geura miang, ulah sieun ulah hariwang, ku kuring geus kasawang. Ulah poho iteuk, kembang, jeung kujang..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar