Tempat Nu Diteangan.
Aya hiji tempat nu salila ieu diteangan, katelahna dayeuh Nagari Pajajaran. Loba dicaturkeun tapi can kungsi kawenohan. Nu ngahandeuleum ku halimunan. Lain dongeng komo lamunan, eta tempat bisa ka sakabeh nulungan, kusabab geus sadia nu jadi warisan, lain siluman, tapi titipan.
Lain teu bisa kalakonan, mun teger nga ikhtiaran, tapi kudu make aturan, ngarah bisa nepi kanu ngawitan. Lain hak batur ieu warisan. Dongeng cenah ceuk sabagian, bari teu bisa ngabuktian, bari ngadodoho jeung nungguan. Kuring nyaho eta dimana, kuring nyaho nu bisa muka saha, kuring nyaho jalmana nu mana,
Hiji budak turunan jalma biasa, teu boga elmu teu boga kawasa, ngan enggeus katulis garisna, muka turub warisan Baduga. Ayeuna geus tumiba mangsana, eta budak ngorehan sesa, sesa nu bisa nulungan jalma loba, sesa nu salila ieu teu disangka aya. Toong mun bisa… Sa urang dibantuan ku dua, geus muka..
Geus ngamimitian ngorehan, kajeun loba nu nonggongan, ngumpulkeun kalakay nu maruragan, bari ngajagi tutunggul ngarah teu katohian. Bral geura miang, ulah sieun ulah hariwang, ku kuring geus kasawang. Ulah poho iteuk, kembang, jeung kujang..
Wanacala Majalaya
Sabtu, 28 Mei 2011
SILIWANGI & KI SANTANG : Tempat Nu Diteangan

SILIWANGI & KI SANTANG : BAHASA
Bahasa Resmi (Salah Sahiji Bangsa Jin).
Budala wiko wakajabu, reolna samu, majalate nedi, limo minuku. Wati ? Mandirene situ. Wendosima, mandakutu mina wadabu. Barok badar. Bentomalaku wakinasuta.
Bakawulu mastina biko, wastina maruk bisutana Siliwangi. Sutana Baduga, winggiwisesan Pajajaran. Mintuna baka, mintuna madui. Madui minggala ramaya naguro manusa.
Sutana naguro Sancang sumana kula ambarakuna, jumbuna bilu panggalipana Santang.
(Teu kabeh bangsa Jin ngarti bahasa manusa, Kitu deui sabalikna=red)

Sabtu, 07 Mei 2011
SILIWANGI & KI SANTANG : Maung Pajajaran
Maung - Pajajaran
Salah sahiji nyaritakeun zaman harita, aya 3 macan nu dijadikeun ciri. Macan bodas, ciri elmu2 nu ngajurus kana ngubaran. Teu make menyan, sajen, atawa wirid. Ditungtungan ku muntang jeung nyerahkeun diri ka Allah SWT. Elmu nyieun ubar tina dangdaunan, akar jeung sajabana. Ubar panyakit katempo jeung teu katempo. Pajajaran geus ti baheula ngarti jeung nyaho kumaha ngubaran. Teu dicampur ku mistik. Teu ngalanggar akidah..
Macan Hideung, ciri elmu2 nu ngajurus kana kadunyaan, ngatur hate jalma, ngahijikeun salaki pamajikan nu pipisahan, ngoprek hate jalma, miceun hate jalma nu kedul, bedegong, harak, jeung sajabana… Sarua teu make sajen, menyan, atawa kudu wiridan atawa puasa… Istuning tina kakuatan diri…
Macan loreng, lodaya, maung loreng, ngajurus kana elmu2 heuras, saperti silat pamacan, sinuwun tilu jeung sajabana, nempo ti kajauhan, ngoet ti kajauhan, ngarusak jeung ngajaga supaya teu rusak… Teu make menyan, sajen atawa ngawirid jeung puasa. Estuning tina kakuatan diri…
Kunaon teu make wirid atawa puasa ? Sabab eta mah jang ibadah ka Gusti Allah. Teu meunang dipengkolkeun kana tujuan eta. Kunaon teu make menyan atawa sajen ? Kusabab lain menta bantuan jin, jeung kudu make aturan muslim.. Dimana ayeuna eta elmu2 teh ? Di nu tiluan… Teu bisa diteangan, ke oge datang… Datang ka saha ? Ka jalma2 nu geus ka ukur ka alusan jerona… Akidahna… Nu tiluan dimana ? Boa-boa nu sapopoe aya hareupeun anjeun… Wallahu’alam…

SILIWANGI & KI SANTANG : Ki Santang Jeung Bangsa na
Ki Santang Jeung Bangsana
· Santang, pamingpin ti salah sahiji bangsa jin, hiji nagari nu dipikanyaho ku bangsa Ki Baduga. Ka iket ku jangji. Jangji sosobatan. Lain jangji nu diharamkeun ku Qur'an. Ulah dibolokotan ku kapercayaan nyimpang. Nu matak ngarusak kaimanan. Anggur geura buru teangan, Katerangan Nu Bisa Jadi Puntangan.
· Hiji mangsa, salah sahiji nyarita. Kunaon bet bangsa kuring nu kerep disalahkeun ? Bangsa kuring jeung anjeun sarua. Boga anak, boga kulawarga. Dahar, nginum, nyeri, gering, bungah, neangan rejeki, maot… Naon bedana jeung aranjeun ? Teu pantes ngan ukur disalahkeun, digogoreng, difitnah…
· Kawajiban kuring sarua, ibadah, nu daek ibadah… Ulah ngamulyakeun bangsa kuring, nyembah, atawa ngagantungkeun nasib, nanya mangsa kahareup… da bangsa kuring ge sarua teu nyaho. Mun aya nu mere nyaho ti bangsa kuring (nu jiga tadi disebutkeun), ngan ngabobodo, ulah di denge… Anggur urang babarengan muntang ka Allah SWT.
· Kuring jeung anjeun beda alam, lain goib. Ngan kuring teu eces katingali. Tapi lain teu bisa panggih. Bangsa kuring jeung anjeun nu bener akidahna moal sagawayah manggihan atawa cumarita, da teu meunang ceuk agama. Saha nu sagawayah ? Nyaeta jin atawa manusa nu teu milu aturan agama.
· Umur urang sarua, pondok. Ngan kusabab beda alam kuring jiga hirup leuwih lila. Keur tapakurankeuneun meureun. Kuring gancang mun ngalengkah ? Enya mun di alam anjeun. Di alam kuring nya saayana. Sakali deui kuring menta aranjeun bangsa manusa ulah loba kapengkolkeun kayakinan. Ulah kabobodo.
· Teu sakabeh bangsa kuring bisa atawa kungsi manggihan bangsa anjeun. Kitu deui sabalikna. Saha nu bisa ? Urusan Nu Kawasa.
· Euweuh kadaharan anjeun nu bisa didahar ku kuring. Kuring cenah dahar tulang ? Atawa kuring dahar manusa hirup da aya tulangan. Henteu pisan. Jadi jang naon anjeun mere sajen ka kuring ? Da moal dihakan. Teu bisa. Nu aya musyrik, doraka paling gede. Kalah meunang murka.

SILIWANGI & KI SANTANG : Prasasti Batu Tulis
Prasasti Batu Tulis ?
· Kunaon Prasasti Batu Tulis aya ? Sabab dijieun saenggeus Ki Baduga maot. Saenggeus menta sesa Pajajaran dihandeuleumkeun. Surawisesa nu indit ka kulon, lain nu balik ka dayeuh. Jadi saenyana dayeuh teh lain di tempat Batu Tulis. Prak pikiran, prak baca ku hate.
· Dia nu marisah ka kaler ( kaler di tempat terakhir Raja Pajajaran ), darengekeun ! Dayeuh ku Dia moal kasampak…

SILIWANGI & KI SANTANG : Pesen Ka Nu Tiluan
Pesen Ka Nu Tiluan :
· Aya maksud nu nyulusup dina ati, nepikeun naon nu jadi harti, ngarepkeun ngoreh nu bakal jadi bukti. Sing saha nu geus
dijeujeuhkeun ngariksa, sakabeh titinggal nu jadi sesa, kudu geura netepkeun hate bari teu kudu di paksa. Anjeun aya di dunya, pasti aya maksudna, geura ngaca kana hikmahna, ulah nyumput tina kodratna. Kalakay geus paburantak, euweuh harti pabalatak, lain maksud ka alam calutak, tapi sing geura wani nindak.
· Nu niliktik nulungan jalma leutik, loba nyanghareup manusa loba banda, bari kudu nepikeun aturan ti Nu Kawasa. Bari awak loba kasiksa, jadi pamuntangan jelema loba, teu meunang ngarumas nu geus jadi garisna. Anjeun aya jang jalma loba, ngadegkeun akidah titah Nu Kawasa, geura maca geura walaya.
· Budak gede beuteung badag, sakabeh karusakan di udag, ulah nepi korban loba murag. Leumpang di jalan pinuh ku batu, ngasruk alas teu make baju, milu satia nuturkeun waktu. Anjeun aya jang muka mangsa, dikudukeun hirup di lingkung murka. Tapi hate teu meunang kagoda. Geura muka geura ngariksa, lawan murka.

Langganan:
Postingan (Atom)