Sabtu, 23 April 2011

SILIWANGI & KI SANTANG : Jangji - Amanat

Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga
Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca
Tarima ku hate, asal ulah nyalenggor akidah kanu kawasa

Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang sunda
lain bangsa anu ngan bisa cumarita
geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita

Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna
geus kabaca di jaman harita
maka geura balik jadi urang sunda saenyana

Salila aranjeun jauh tina kamusyrikan
kuring bakal aya ngabarengan
sugan anu di baca ku raja aranjeun harita kajadian

kuring nyaksian di dieu

Tidak ada komentar:

Posting Komentar