Tilarna Sri Baduga Siliwangi
1. Harita Siliwangi panceg indit ti dayeuh. Malipir sisi gunung nepi ka kidul. Ngasruk2 leuweung geledegan. Nepi ka kuda kadeudeuhna cideka. Teu bisa ditunggangan deui. Bakating ku nyaah jeuh deudeuhna ka eta kuda. Batur kuring nitah ponggawa2na nyieun arca kuda. Titah disimpen di luhur gunung haruman.
2. Kunaon bet kudu di luhur gunung, ngarah bisa keneh nempo dayeuh nu di tinggalkeun cenah. Hulu kudana disanghareupkeun ka dayeuh… Kuda eta jumerit menta tetep diajak kajeun geus aya gantina kuda hideung oge.. Nya dibawa terus bari ngan saukur ditungtun. Nepi ka hiji kampung tengtrem di kidul.
3. Nepi ka kiwari eta arca tetep aya di luhur gunung haruman. Nyanghareup ka dayeuh. Ditungguan ku hiji tangkal gede. Guru kuring tetep mulasara jang pangeling2 sato kanyaah sobat dalitna. Saha ayeuna nu bisa manggihan eta arca kuda ? Nu kuat teu kagoda jang nyembah eta arca.
4. Kunaon dayeuh bet di tinggalkeun, kunaon bet sakabeh nu dipikaboga diteundeun di 25 leuit, kunaon bet anjeuna milih balangsak asruk2an ka leuweung, kunaon bet nepi ka runtuh eta karajaan gede teh, kunaon bet anjeuna menta Ki Santang nyumputkeun dayeuh jeung sakabeh eusina ku halimunan ?
5. Saha nu nyangka Ki Baduga nu sakitu gagah rongkahna nepi ka ninggalkeun kadunyaan alatan hayang tengtrem dunya jeung nyiapkeun akherat ? Saha nu nyangka aya jalma deukeut di karaton nu tega nganyerikeun Ki Baduga nepi kapundungna ti dayeuh ? Saha nu nyangka nepi ka ayeuna eta dayeuh ngahandeuleum ?
6. Dayeuh, hiji tempat luhur gunung. Dijieun pasagi lima. Dihijikeun ku 5 segi tilu. Bisa nempo ka 5 tempat. Aya 5 jalan ka luar. Aya kalapa sarebu tangkal, 25 jajar, 25 leuit tempat panyimpenan urut taman karajaan, kaputren. Ngan saukur aya sesa batu nu digurat ku curuk Ki Baduga saencan hijrah.
7. Ngan hiji batu eta titinggal Ki Baduga nu ka ciri. Ngan Ki Santang nu nyaho dimana eta batu nangtungna. Sawareh ka keueum cai nyusu, herang, tengah dayeuh nu geus jadi leuweung geledegan. Saha nu bisa manggihan..? Budak leutik tukang ngagigiring kalakay jeung tutunggul.. Dimana ? Dihareupeun aranjeun.
8. Ki Baduga netep di hiji tempat, nekunan ibadah nu anyar pinanggih nepi ka tilarna. Diceungceurikan ku sakabeh nu mikanyaahna. Ku batur dalitna. Ki Santang.
9. Dina rek tilarna Ki Baduga nyalukan Ki Santang nu satia nungguan. "Kuring rek titip ka Akang". "Naon Yi," cenah. "Teruskeun tugas kuring ngadegkeun akidah ka Gusti Allah… Kuring rek mulang ka manten-Na". "Duh Gusti," cek Ki Santang, ulah nyarita kitu… Kuring kumaha?" Ki Santang reumbeuy ku cipanon.
10. Bari ngalengis Ki Santang nyarita, "Iraha deui kuring boga dulur jiga Ayi." Ceurik, duanana ceurik. Dua mahkluk gagah rongkah tina dua bangsa jumerit hatena kapisah ku takdir makhluk. "Duh Gusti," Ki Santang ngarenghik deui, cipanona tambah ngarembey… Ki Baduga teu kawawa, milu muragkeun cipanon..
11. Ragrag cipanon kanyaah… Kanyaah nu leuwih ti dulur sakandung… Dulur tina sobat dalit, ti dua jalma (makhluk) nu beda bangsa… Turutaneun aranjeun..
12. "Ulah kitu Ki… Akang kudu ikhlas," Ceuk Ki Baduga bari dadana sesek nahan cipanon. "Kuring rek nitip, handeuleumkeun dayeuh jeung eusina, sakur pakaya kuring di mana wae ayana, bawaan teundeun di dayeuh. Kuring geus nyadiakeun salawe leuit. Jaga ku Akang sabisa-bisa. Kadua ulah hariwang, ke dina mangsana…
13. …aya manusa jiga kuring nu boga hate jiga kuring… Ke datang ka ngimpi akang…". "Yi, ulah ninggalkeun akang… Duh Gusti… akang kumaha?".. "Ulah hariwang kang, anggur mundut ka Nu Kawasa kuring sing salamet nyanghareupan hisab kubur."… Der duanana pa ungku-ungku inget kana dosa-dosana. Cipanon dua prabu ragrag ka dunya.
14. "Kuring nitip rahayat kuring, nu bakal kaleungitan cepengan nepi ka bijil nu tiluan… Nu Saurang bakal dibarengan ku akang, mantuan nu tiluan… Lempengkeun akidahna… Bantuan ku akang… Nitip kuring… Engke dina mangsana bikeun bekel ti kuring… Nyanghareupan hiji jaman nu rusak…
15. Jaman nu rusak ku kahayang…". Saung butut jadi saksi sobat dalit nu rek kapisah ku takdir… Ajal… Saung butut nu jadi saksi… Nepi ka tilarna… Ki Santang ngalenyap… Di usap tarang baturna… Euweuh nu nyaksian ( makhluk hirup lain salian ti Ki Santang )… Ngan duaan… Ki Santang ngalenyap…
16. ( Tos heula…) Assalaamu'alaikum Wr.Wb.
Sabtu, 23 April 2011
SILIWANGI & KI SANTANG : Jangji - Amanat
Kuring lain kaiket ku jangji, ngan kaamanatan ngajaga nu beunang di jaga
Ulah di udag ku akal jeung indra, sabab loba kajadian alam nu ku urang teu bisa ka baca
Tarima ku hate, asal ulah nyalenggor akidah kanu kawasa
Ayeuna geus mangsana aranjeun jadi urang sunda
lain bangsa anu ngan bisa cumarita
geura narindak jiga nu diamanatkeun batur kuring harita
Kajadian nu kaalaman ku aranjeun ayeuna
geus kabaca di jaman harita
maka geura balik jadi urang sunda saenyana
Salila aranjeun jauh tina kamusyrikan
kuring bakal aya ngabarengan
sugan anu di baca ku raja aranjeun harita kajadian
kuring nyaksian di dieu

Selasa, 05 April 2011
SILIWANGI & KI SANTANG : Siliwangi Jalma Biasa
Siliwangi geus tilar dunya, henteu tilem, rubah jadi maung atawa nu mistik laina. Siliwangi jalma biasa, raja pajajaran, bangsa manusa, nu pernah hirup di alam dunya, mingpin tatar sunda. Boga batur deukeut ngarana Santang, pamingpin negri sancang, bangsa jin, lain bangsa manusa, nepi ka ayeuna aya keneh, lain sakti, tapi geus fitrahna sakabeh bangsa jin umurna leuwih panjang.
Ulah nyampurkeun dongeng jeung carita enya. Carita nu aya ayeuna ngan dongeng wungkul, di kira-kira, padahal teu sarua. Euweuh sahiji-hiji acan sesa pajajaran nu geus kapanggih nepi ka danget ieu. Mun hayang nyaho carita sabenerna nanya ki santang, ulah nanya ka jalma, loba di kira-kira.
Siliwangi, ki santang lain maung, lain turunan maung atawa robah jadi maung. Maung ngan saukur ciri. Jadikeun diri rakyat sunda jiga ka gagahan maung. Ulah kalah ngaku-ngaku bangsa maung atawa turunan maung. Jiga nagara anjeun ayeuna nu nyieun ciri nagara, Manuk Dadali. Lain anjeun turunan manuk dadali.
Kuring nonggerak, unggal poe sabenerna aya dihareupeun aranjeun..
Kuring hariwang jeung karunya aranjeun rahayat sunda ngan loba ngobrolkeun ngimpi..
geura hudang, baca... baca... baca alam jeung diri...

Jumat, 01 April 2011
absen heula gan..
dulur-dulur nu ti :
Wanacala - Desa Darma - Kecamatan Darma - Kabupaten Kuningan - Jawa Barat - Indonesia
.
sareng/atawa nu ti :
Majalaya (Rancanyiruan) - Bandung - Jawa Barat - Indonesia
.
umumna mah dulur-dulur urang Sunda.
sumangga absen di bagian komentar...
cuang ngawangkong, naon bae lah, pikeun ngarakeutkeun duduluran sunda.
Hapunten bilih aya lepat.
Hatur nuhun.

Langganan:
Postingan (Atom)